Pupuh téh nya éta wangun
puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora)
kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar
dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek
masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.
Pupuh téh kauger ku
guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan
dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru
lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa
dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Tujuh Welas Pupuh
Kanggo
nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh
welas nya eta:
1.Asmarandana,ngagambarkeun rasa kabirahian,deudeuh
asih,nyaah.
2.Balakbak,ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
3.Dangdanggula,ngagambarkeun katengtreman,
kawaasan,kaagungan,jeung kagumnbiraan.
4.Durma,ngagambarkeun rasa ambek,gede hate,atawa
sumanget.
5.Gambuh,ngagambarkeun kasedih,kasusah atawa kanyeri.
6.Gurisa,ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa
malaweung.
7.Juru Demung,ngagambarkeun nu bingung,susah ku pilakueun.
7.Juru Demung,ngagambarkeun nu bingung,susah ku pilakueun.
8.Kinanti,ngagambarkeun nu keur kesel nungguan,
deudeupeun atawa kanyaah.
9.Ladrang,ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
10.Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu
aya pikiraneunana.
11.Magatru,ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan
sorangan,mapatahan.
12.Maskumambang,ngagambarkeun kanalangsaan,sedih bari
genes hate.
13.Mijil,ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
14.Pangkur,ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung,
nyanghareupan tugas nu beurat.
15.Pucung,ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan,
atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
16.Wirangrong,ngagambarkeun nu kawiwirangan,era ku polah
sorangan.
17.Sinom,ngagambarkeun kagumbiraan,kadeudeuh.
Sabagian Contona:
Sabagian Contona:
1.PUPUH
ASMARANDANA
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)
PIWURUK
SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
2.PUPUH BALAKBAK
(Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)
DAYEUH
BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
3.PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
3.PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)
MILANG
KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.
4.PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.
4.PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)
LEMAH
CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
5.PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
5.PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
6.PUPUH
GURISA
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)
SI
KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
7.PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
7.PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.
8.PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.
8.PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)
KANYAAH
INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
9.PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
9.PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
10.PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
10.PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
11.PUPUH
MAGATRU
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)
KASAR
- LEMES
Dupi
irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
12.PUPUH
MASKUMAMBANG
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)
BUDAK
JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
13.PUPUH
MIJIL
(Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)
(Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)
NUNGTUT
ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
14.PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
14.PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)
KA
SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
15.PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate)
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
15.PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate)
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
16.PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
16.PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)
SIEUN
DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
17.PUPUH SINOM
(Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)
TATAR
SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.
Gapuraning Gusti,
1992.
Rumpaka
Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya
Drs. R.H. Hidayat Suryalaga.
http://www.sundanet.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Saya berkomentar